Ajian Semar Mesem Bahasa Sunda Ampuh Jarak Jauh

Ajian Semar Mesem Bahasa Sunda Ampuh Jarak Jauh


Bismillah, syahadat ka kanjeng Rasul
Cur nyuhcur, cahayaning Rosul
Gumilang cahayaning Muhammad
Herang caina ti kodrat
Allahu, yaa Alllahu (3 kali)
Cuuur, Cuuur, Cuuur
Dibaca unggal rek mandi ku cai kembang sataman
(Mun bisa bawa jeung tamanna …….hehehe)

Asihan sabeulit bumi

Asihan sabeulit bumi
Asehan salinlang buana
Brag asih da di asih
Nu asih lungguh na biwir
Nu haat lungguh na soca
Roh tuk-truk tuh badan si anu (….)
Mang kawelas, mang ka asih
Raat asih ka badan awaking.

Asihan SI LEUGEUT TEUREUP
Asihan aing Si Leugeut Teureup
Ti teuteul ti amburateul
Rapet napel kanu udeul
Mangka eunteup mangka asih
Si (…….sebutkeun ngaranna)Asih ka awak aing

Asihan SEMAR MESEM
angkang ingking nanggung rinjing jol si togog lar si semar
aha ehe ngajar seuri,nya aing ratu ratu asihan
mangka welas mangka asih (…….sebutkeun ngaranna)) ka awaking
(dibaca 313 x)
Carana ;
-Adus heula
-puasa 3 poe ditutup ku matigeni
-dibaca jam 23:00

KASEMARAN
Asihan aing siku mat mesem arana kinasihan,
si teuel si kura teuel peul gera napel si(…….sebutkeun ngaranna)
Ka awaking yeup tuturkeun aing ka mana bae.
Puasa sapoe sapeuting ,mantra di baca keur puasa melek

ASIHAN (KHUSUS BACAEUN ISTRI)
Samping aing kebat lereng,ditilik ti gigir lenggik,diteuteup ti hareup sieup
mikaenteup mikasieup,mangka eunteup mangka sieup ka awaking ratu asihan
ti luhur kuwung kuwungan,ti handap teja mentrangan ditilik ti tukang lenggik
ditilik ti gigir sieup,mangka eunteup mangka sieup
asih…asih…asih…
asih ka badan awaking

PELET QULHU ABSAR (ASMA AL LATIF )
Bismillah , Kum awewe
Wataji kulhu absar , Wahuwa Latiful Khabir
Sabulan sang ratu nu colalang , Sabulan mangrupi , Dua putri mananjo
Tujuh bulan kolot , Salapan bulan sang goledah , Gereleng putih
Jig ka cai ngadon ceurik , Jig ka darat ngadon midangdam , Jig ka imah hasrat jobong koong
Kop cai hasrat tuak bari , Kop dahar hasrat tatal bobo , Kaula nyaho ngaran sia…si………….

Asihan NENGGALA I
Bali meneng tunggal meneng Alat-alat parah meneng ,
Ah meneng sajagat kabéh
Inga sia di mana meuting Di puncak di angkasa
Sia diliputan ku halimun Dilanat ku mega bodas
Bayu sia pédah kabatu Bayah sia pédah ku catang
Seuweu komo ringkep Seuweu ménak komo hayang
Nu asih pahiri-hiri Nu hayang paheula-heula
Rét nu haying Rét nu asih
Nya aing ratu asihan
Ya Alloh Ya Rosul
Ya Muhammad Ya Adam

Asihan PANAH RASA
Asihan aing si panah rasa Rasa dipanah ku cipta isun
Juh teleng alip nu ngadeg di tungtung
Kulincer nu ngulincer haténa si…….(sebutkeun ngaranna )
Kaedanan ku harta La illaha illaloh Muhammaddarosululloh
dibaca jam 11 peuting 41 x.

Pelet RUNCANG I
Bismillahirahmanirrahim
Amatkeun sejaron guyang
Teteger aya di pasar
Gagamanna suda lanang saking suwarga
Lamun sabetkeun ka gunung Gugut
Ka lautan saat, ka bumi bengkah
Lamun disabetkeun ka langit tujuh amblas
Lamun disabetkeun ka si …….(sebutkeun ngarana )
Patuh runtut raut babarengan sareng kakasihku
Lamun keur ulin balik
Lamun keur saré sina hudang
Lamun geus hudang titah diuk
Lamun geus diuk lengkahkeun ka imah
Ngadeukeutkeun kakasihna
Lailahailallah Muhammadarosulullah

pelet RUNCANG II
nini sangguriang aki sangguriang,deuleu teuteu runcang,
deuleu di deuleu teu matak weudeu, di soreang hayang keneh,
di deuleu ti gigir lenggik di deuleu ti tukang lenjang di deuleu ti hareup sieup,
mangka sieup kana peunteu mangka narimang kana raga mangka welas mangka asih ka awaking ratu asihan
Carana :
dipuasan 3 senen jeung 3 kemis,di baca 33X/101X sa enggeus shalat fhardu

Kinasihan (Kanggo isteri & pameget)

Ratu manan ratu gayaga
Ngaran menak kamana ka holan
Jalma ngancik sia Kuwu panutan aing
Aing panutan sia Sia geura manut ka aing

Asihan
mat mat kalemat,
pangemat ka nu ngaran si ……….
eundeur sadayeuh, géhgér sabalé,
komo ratu komo rusuh,
déwata nu matak hayem, mangka welas mangka asih,
asih ka badan awaking.

Pelet
Kaayana di kamada
Ngalih ka pancana
Matak linglung ti peuting
Gundam ti beurang
Ras inget ka jalmi si aa